Banjir Getih Di Cimarémé, Garut Génjlong (1919)

Kajadian di Cimarémé dina taun 1919 matak génjlong wewengkon jajahan Hindia Belanda, puguh ning tatar Garut mah. ‘Banjir getih di Cimarémé’, kitu nelahna éta kajadian. Haji Hasan Arief katut kulawarga jeung warga Cimarémé, perlaya ditarajang pélor bedil soldadu Walanda. Kajadian Cimarémé jadi bukti kasarakahan pamaréntahan kolonial, anu dijalankeun ku Bupati Garut jeung réngrénganana harita.

Mémang aya sababaraha versi ngeunaan titimangsa kajadian jeung hal-hal lianna (salah sahijina pernah dicutat dina tulisan Ngadu Kuda Dulu, Baru Urusan Politik: Kisah Bupati Soeria Karta Legawa (1919)). Tapi, keun waé sual éta mah urang sérénkeun ka para ahli sajarah. Anu pokona mah, nyutat tina bubuka novel ‘Banjir Getih di Pasantren Cimareme’ (2007), karya sastrawan Aan Merdeka Permana, cukang lantaran éta kajadian di Cimarémé téh singketna kieu:

Dina taun 1918, Pamarentahan Hindia Belanda kudu mantuan Prancis dina Perang Dunya I. Kaayaan sosial-ekonomi Nagri Belanda kaganggu. Pikeun ngungkulan bubutuh nagara, nya nguyang ka nagara jajahan. Ka tanah jajahan di Nusantara, contona.

Di Pulo Jawa, Pamarentahan Belanda mere kawajiban ka rahayat jajahan sangkan ngajual pare dua pikul saban usum panen. Tapi Kangjeng Haji Hasan Arief ti Pasantren Cimareme Garut nolak sapajodogan.

Tina urusan ieu getrengna jeung Belanda teh. Malah tina urusan pare, Pihak Belanda ngancam-ngancam bakal ngagempur Cimareme mun Kangjeng Haji keukeuh-peuteukeuh wangkelang moal deuk ngajual pare.

Balukar tina kajadian Cimarémé téh pamaréntah Hindia Belanda béak karep dikritik ku kalangan aktivis gerakan jaman harita, utamana mah ku kaom Sarékat Islam (SI). Tapi pamaréntah kolonial teu éléh géléng, malah néang “kambing hitam” provokator kajadian Cimarémé. Nya hasil maranehna ngaréka téh, kasimpulanana, provokator kajadian Cimarémé téh gorombolan anu kasebut SI Afdeling B. Ku sangkaan nu taya dasarna ieu pisan, disebutna mah hasil investigasi, pangurus SI dicangkalak jeung dihukum. Di antarana waé Tjokroaminoto, Agoes Salim, Abdoel Moeis, jeung réa-réa deui.

Kumaha sabada kajadian di Cimarémé? Urang cutat dieu eusi novel Banjir Getih di Pasantren Cimareme, kieu:

Sanggeus kajadian banjir getih di Cimareme, sakumna pasantren anu aya di wewengkon Garut, malah di satatar Priangan, ku pihak Belanda henteu weleh dititetan henteu weleh diintip-intip. Saban waktu ka saban pasantren sa-Priangan teu weleh didatangan ku juru telik anu rerencepan ngimeutan bisi pasantren nyieun euwah-euwah anu ngarugikeun katengtreman pamarentah jajahan.

Ari ti kajadian harita, tepikeun ka puluh-puluh taun lilana, nyaeta tepikeun ka Indonesia merdika, di wewengkon Cimareme bisa disebutkeun arang kapanggih lalaki jagjag ari lain awewe jeung aki-aki atawa budak mah. Eta teh ku sabab sanggeusna kajadian, saban lalaki belejag mah ku Belanda teu weleh dicangkalak atawa diudag-udag. Jadi keur kaamanan diri mah, para nonoman utamana, leuwih hade lunta ti lembur we heula.

***

Moh. Sanoesi, lahir di Ciamis taun 1889, katelah pejuang kemerdekaan, wartawan, jeung sastrawan, sarta kungsi jadi pangurus SI cabang Bandung, boga cara anu béda tinu lain dina nepikeun kritikna. Anjeunna ngarang tembang lagu (dangding) nu dijudulan: “Garut Génjlong”. Eusina pinuh ku kritik ka pamaréntahan kolonial Hindia Belanda, hususna ka Bupati Garut, nu harita dilungguhan ku R.A.A Soeria Kartalegawa (bupati période 1915-1929). Tembang lagu “Garut Génjlong” disebarkeun dina koran Padjadjaran, Oktober 1919. Dina karangan éta, Moh. Sanoesi ngagunakeun inisial Mh. Sn.

RAA Soeria Kartalegawa (Bupati Garut periode 1915-1929)

RAA Soeria Kartalegawa (Bupati Garut periode 1915-1929)

Alatan eusi tembang lagu “Garut Génjlong” éta, Moh. Sanoesi dicangkalak ogé ahirna ku pulisi kolonial. Anjeunna keuna ku pasal persdelict. Eusina nu nyuat-nyuat kasarakahan jeung polah bupati Garut, dianggap “menyebarkan kebencian di muka umum”. Hasilna, Moh. Sanoesi ditahan sababaraha bulan di pangbérokan.

***

TEMBANG LAGU “GARUT GÉNJLONG”

Karangan: Moh. Sanoesi

H. HASAN JEUNG GARUT
Sasambatna rahayat

ASMARANDANA

Ya Allah Rabul Alamin, mana nyiksa téh pohara, abong enya ka nu héngkér, nu kuat aya di ménak, ménak nu teu rumasa, saperti ménak di Garut, komo deui jadugna mah.

Teu rumasa jadi hurip, hurip ku lantaran somah, si ménak moal maké pet, lamunna euweuh somahan, somahan nu maraban, tapina jongjon adigung, gedé hulu kamagungan.

Dalem Garut dipiijid, henteu pisan dihargaan, sabab rayat pada réhé, pada nyebut teu uyahan, sebel baé nu aya, béda reujeung “Dalem Marhum”, rayat kabéh pada nyaah.

Mangga geura ieu galih, omongan rayat nu loba, dalem dilandi “Si Cadok”, lalandian beunang nyutat, nyutat ti surat kabar, “Nieuws van den Dag” nu ka mashur, kamashurkeun musuh urang.

Tapi barang pék diintip, cocog pisan éta kecap, mémang rayat Garut kabéh, kolot budak bujang lanjang, béak peuting bray beurang, taya deui nu dicatur, ngan dalem nu “Cadok” téa.

Jadi biwir lain asih, tapi nu enya mah cua, isin mah jauh katangéh, najan leumpangna ngagégag, diiring ku kang upas, cara Raja jaman buhun, jaman rayat diseuseupan.

Na mana kacida teuing, dodoja rayat ayeuna, Garut meunang dalem “Réhé”, dalem teu manjing jeung jaman, jaman kamanusaan, nu kitu kudu ditundung, diusir ku nu kawasa.

Pamaréntah tangtu ngarti, yén nagara moal harja, lamun dalemna direheng, direheng ku rahayatna, cara Garut contona, dalem teu dianggap ratu, tapi “Satru Kabuyutan”.

Pangadilan mangka éling, anjeun nu boga tanggungan, anjeun ulah rék ngadago, ngadagoan rayat nékad, nékad sabab jéngkélna, péndék rayat teu panuju, mun di ahir leuwih susah.

Geuwat urus mangka lantip, tatapi omat-omatan, ngurus ulah jeug porongos, ulah rék ngarah sieunna, somah jadi bingungna, papariksaan nu kitu, geus tangtu palsu jadina.

Reujeung ulah arék nilik, nilik darajatna jalma, teu paduli dalem ogé, lamun cicing dina salah, misti meunang hukuman, leungeun ranté suku ringkus, peclengkeun ti nagarana.

Sab lamun éta bupati, tetep boga kasalahan, tatapi henteu diranté, tangtu adil moal aya, rayat moal percaya, moal nganggap ka pangagung, sab disangka ngalicikan.

Poma ulah salah ngarti, kuring teu netepkeun salah, tapina ngan lamun baé, lamun dalem mémang jahat, mun dalem mémang salah, dalem Garut kudu hukum, ku hakim anu sampurna.

Tangtu rayat suka ati, nu salah meunang hukuman, tangtu rayat senang haté, nenjo pamaréntah waras, nénjo ménak teu sasar, tangtu rayat moal bingung, dimana karerepetan.

Lamun pék dipikir-pikir, goyangna Garut ayeuna, éstu matak moal poho, manan poho anggur tambah, tambah anu ngagugah, ngagugah ka urang Garut, néangan nu jadi asal.

Asalna keur dipulitik, ku pulisi jeung ku urang, jadi urang tunda baé, nunggu kumaha putusna, tatapi ayeuna mah, palikiran ku sa-Garut, naon sabab dalem galak.

Béda jeung séjén bupati, béda rupa séjén adat, éstu jalma matak bengong, cara nénjo sato anyar, hookeun anu aya, hookeun lain ku alus, tapi éstu matak gila.

Tabéat ieu bupati, mun ku urang dipikiran, urang kudu henteu kagét, lamun ngingetkeun turunan, turunan ti ramana, patih Sukabumi marhum, kabéh rayat pada terang.

Sadérékna hiji deui, patih anu geus dibuang, dibui lantaran cékcok, nya nepi ka ditangkepna, trus dibui ka Jogja, aduh éstu matak bingung, dalem Garut gedé bagja.

Sakapeung sok nanya diri, naon nu jadi sababna, saperti jalma nu daék, daék nulungan bangsana, bangsa nu kasusahan, cara nu jadi panungtun, panungtun tina kumpulan.

Ku nagri dipikaijid, ku pulisi dimusuhan, masing teu Édan teu Maok, nyakitu nu jadi anak, terus dianggap bahya, dulur-dulurna pon kitu, diaranggap jalma jahat.

Nyata jaman téh tibalik, mun urang mikir ka dinya, siga pamaréntah poho, keur waktu ngabisluitan, ngangkat dalem ayeuna, dalem Garut nu kamashur, kawentar dipikangéwa.

Lamun ninggang di si leutik, saperti bangsa somahan, maling duit sapésér gé, duit masjid upamana, nepi ka dibuina, dulur-dulurna geus tangtu, milu apes salawasna.

Apes sotéh ku pulisi, kusabab dina pikirna, lamun adina geus maok, lanceukna kudu dijaga, bubuhan sapancuran, ujah teu téés ka luhur, biasana gé ka handap.

Ditulung mah komo deui, dijungjung dibéré pangkat, enggeus tangtu ménak génjlong, pada nyarebutkeun salah, mo enya dulur bangsat, diangkat jadi pangagung, nu kudu ngariksa rajat.

Geus tangtu goréng di ahir, nagri moal jadi aman, rahayat jadi parépéh, para ménak meunang susah, nguruskeun kakusutan, sab éta kuring panuhun, Garut meunang dalem anyar.

Tapina poma téh teuing, ulah arék digantian, digantian ku nu réhé, cindek ulah ku turunan, tedak Muhamad Musa, sabab sieun teu panuju, inggis cara nu ayeuna.

Péndék hayang anu adil, nu adil jeung palamarta, nu somah ngeunah ngadéngé, priyayi ngeunah ngawula, nagara jadi harja, geura hempék dulur-dulur, ayeuna urang ngadoa.

Hamin…

Mh. Sn.

(Sumber: wikisource)

***

Aya hiji koméntar anu diunggelkeun ku ngaran “Parikesit” dina wanda sinom kieu: Maos dina Padjadjaran, kaping genep likur Hapit, dulur Mh. Sn. nyerat, éstu panuju téh teuing, sayaktosna abdi-abdi, rahayat bawahan Garut, baheula reujeung ayeuna, jauh ti tanah ka langit, baheula mah senang tiis dédéngéan. Ka Bupati Garut saméméhna mah, R.A.A. Wiratanudatar (1871-1915), “Dalem Marhum”, saperti nu ditulis dina dangding “Garut Génjlong”, mémang katelah rahayat kabéh pada nyaah. Béda pisan ka R.A.A. Soeria Kartalegawa mah:

Dalem Garut dipiijid, henteu pisan dihargaan, sabab rayat pada réhé, pada nyebut teu uyahan, sebel baé nu aya, béda reujeung “Dalem Marhum”, rayat kabéh pada nyaah.

RAA Wiratanudatar (Bupati Garut periode 1871-1915)

RAA Wiratanudatar (Bupati Garut periode 1871-1915)

Muga sing janten eunteung pikeun nu nyepeng kakawasaan, utamana bupati, boh nu ayeuna, boh saha waé nu engké bakal nanjeur di Garut: sing nyaah ka rahayat. Cag!

[M.S]

Advertisements

One thought on “Banjir Getih Di Cimarémé, Garut Génjlong (1919)

  1. heebat sejarah adalah sebuah bukti, namun sejarah sebaia pembelajaran , untuk dapat memilih dan memilah. rakyat mempunya visi dan miosi yg jelas amn

    Like

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s