Mapay Atlas Sunda ka Ciéla

Pengantar

Berikut ini salinan dari artikel berbahasa Sunda dalam Majalah Mangle No.398 Nopember 1973 berjudul “Rd. Haji Muhammad Musa, Mapay Atlas Sunda ka Ciela”, yang mengutip tulisan K.F. Holle tentang perjalanan R.H. Muhammad Musa dan J.C. Lammers ke kampung Ciela untuk menyelidiki keberadaan sebuah peta unik dan dikeramatkan penduduk setempat. Peta itu digambar pada sebuah kain putih yang keterangan-keterangan di dalamnya ditulis dengan menggunakan aksara Jawa dan Sunda. Sayang, tulisan itu tidak dilengkapi gambar salinan petanya. Di sini, tulisan itu saya tambahkan beberapa ilustrasi yang relevan. Selamat menyimak.

***

Artikel “Rd. Haji Muhammad Musa, Mapay Atlas Sunda ka Ciela” dalam Mangle No.398 Nopember 1973.

Artikel “Rd. Haji Muhammad Musa, Mapay Atlas Sunda ka Ciela” dalam Mangle No.398 Nopember 1973.

Dina taun 1858, aya laporan anu katarima ku Panghulu-Kapala Kabupatén Limbangan Radén Haji Muhammad Musa, pajar di Ciéla, hiji lembur anu pernah na di kidul-wétan dayeuh Garut, geus kapanggih sababaraha rupa barang-barang purbakala. Di antarana nya éta salambar gambar peta (atlas) Tatar Sunda anu ditulis ku aksara Sunda. Cenah éta gambar téh unggal malem Jumaah ku nu ngampihanana téh sok dikukusan, malahan sok diriung ku tatangga-tatanggana.

R.H. Moehamad Moesa, koleksi KITLV. Sumber: Semangat Baru (2013).

R.H. Moehamad Moesa, koleksi KITLV. Sumber: Semangat Baru (2013).

Sanggeus babadamian nya atuh éta Panghulu-Kapala di Kabupatén Limbangan téh miang ngajugjug ka éta tempat dibarengan ku J.C. Lammers anu harita jadi kontrolir.

Ciéla téh pernahna di kawadanaan Panémbong (ayeuna mah disebutna Bayongbong). Éta lembur téh teu pati gedé, harita mah ukur diwangun ku 12-15 suhunan. Imah-imahna basajan pisan, ngajajar kénca katuhueun jalan satapak. Nu dijugjug téh hiji imah anu pakaranganana dipelakan hanjuang, imah panggung tina awi, hateupna tina eurih ukuranana kira-kira 8×5 méter.

Éta imah teh dieusian ku Nyi Agem katut anak incuna. Teu kacaturkeun ari salakina mah. Ngan cenah Nyi Agem téh jadi “kokolot” di éta lembur, ku saréréa diajénan, malah nya tatangga-tatanggana pisan anu nyumponan sagala pangabutuh sapopoé Nyi Agem téh. Kituna téh lantaran Nyi Agem sasatna jadi kuncen anu meunang kapercayaan ngampihan barang-barang “titinggal karuhun” anu dianggap karamat téa. Nurutkeun laporan Lammers, cenah paparabotan di imah Nyi Agem téh kaitung sagala nyampak, jeung bareresih deuih sakumaha ilaharna imah-imah urang Sunda harita. Sisi bilik beulah kulon aya salon rada gedé.

Éta pepetén téh eusina mariem miniatur tina kuningan, ditambah ku keris opat, mata tumbak tina beusi, sababaraha alat anu sok dipaké “nyisit” kulit kai “saé” anu sok dijieun keretas. Salian ti éta téh aya deui eusina anu séjén, nya éta baju anu geus lusuh pisan jeung bandéra leutik anu teu kacaturkeun kumaha warnana.

Tapi barang anu dianggap pangkaramatna mah nya éta anu disimpen dina jero kandaga téa, nya éta seratan anu ditulis dina boéh rarang, ukuruanana kira-kira 2×1 méter. Katémbongna mah geus lusuh naker, malahan tanda-tanda anu aya dina éta boéh rarang teh taya hiji ogé anu pikahartieun urang Ciéla.

Unggal malem Jumaah, éta barang titinggal karuhun téh ku Nyi Agem sok dikaluarkeun tina wadahna, terus dibébérkeun di hareupeun tatangga-tatanggana anu ngagimbung di buruan. Sabot kitu Nyi Agem ngagerendeng maparkeun jampé pamaké bari ngebul ngukus. Nu ngagimbung saregep naker ngabandungan nu digerendengkeun ku Nyi Agem, bari jongjon neuteup kana tulisan téa.

Barang ditaliti ku Panghulu R.H. Muhammad Musa jeung kontrolir Lammers, nu dianggap karamat téh horéng geuning atlas Tatar Sunda, anu béda pisan tina atlas séjénna anu buatan urang Asing. Ari ngaran-ngaran nu aya dina éta atlas kabeh ditulis dina aksara Jawa jeung aksara Sunda.

Kontrolir Lammers ngeukeuhan hayang bisa nginjeum éta atlas ti Nyi Agem. Ku lantaran harita aya Panghulu-Kapala di dinya, nya Nyi Agem gé teu bisa ngorétkeun.

Nya ku Lammers éta atlas téh dijieun salinanana nepi ka dua. Lantaran disalin kitu baé, tangtu wé moal persis sakumaha aslina, henteu saperti lamun difoto-kopi. Ku Résiden Priangan, van der Wijck, salasahiji tina éta salinan téh dikirimkeun ka pangurus Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen di Jakarta dibarengan ku nota ti Bupati Bandung jeung nota ti Lammers sorangan.

Éta atlas téh diwangun ku gurat-gurat anu basajan anu ngagambarkeun Tatar Sunda ti semet Palabuhan Ratu nepi ka Sagara Anakan jeung Nusa Kambangan. Laut atawa cai digambarna téh winangun sisit lauk. Nu rada réa digambarkeun téh walungan jeung gunung. Diantarana, gunung Tangkuban Parahu digambarkeun ku parahu anu nangkub. Kabéh disebutan ngaran-ngaranna. Di tempat pernahna Jakarta ayeuna, aya tulisan Nusa (atawa Sunda) Kalapa. Mapay-mapay Cihaliwung ka kidul, jog wé anjog ka Nagara Pajajaran. Di peuntaseun Cisadané, nya di dinya pernahna Lawang Aji. Ari Bakasih pernahna téh di sisi laut. Kitu deui Dermayu anu pernahna di kuloneun walungan Cimanuk (di tempat éta téh ayeuna ogé aya désa Dermayu anu paeunteung-eunteung jeung Indramayu). Ari tulisan punika nagara Cirebon pernahna téh di kiduleun Gunung Agung. Bisa jadi anu disebut Gunung Agung téh Gunung Jati.

Ari Timbanganten, digambarkeunana téh teuing ku lega. Wates-watesna téh digambar ku gurat-gurat lempeng. Tapi dina tapel wates mah digambaran gunung, tatangkalan, batu, tegalan, jsbté, lengkep katut ngaranna masing-masing. Di kidul-kulon, Timbanganten téh diwatesan ku Loacondong (digambar mangrupa tangkal loa anu doyong). Ari ka lebah wétanna ngaliwatan Tegalpasung, Gunung Haruman, muara Cibudug, Gunung Bitung Sigartiga, Kali Sasi (Ciwulan), ngaliwatan Haurgedé jeung Batununggal terus ka walungan Cimawaté, méngkol deui ka kulon meuntasan Gunung Licin (ayeuna mah kabawah ka Tasikmalaya deukeut tapel wates jeung Garut) terus ka Gunung Karamat, méngkol ka kalér meuntasan gunung Papandayan, Gunung Puntang tepung deui di lebah Loacondong.

Jadi cék éta péta mah wilayah Timbanganten harita téh ngawengku daérah kabupatén Garut ayeuna iwal ti kacamatan-kacamatan Balubur Limbangan, Malangbong jeung Cibatu katut Pameungpeuk jeung Bungbulang. Jadi wates-wates Timbanganten harita téh ti kalérna Limbangan ti kulonna Tanah Ukur, ti kulon-kalérna tepung wates jeung Cidamar, di wétan-kidul aya Kandangwesi, ari di kalér-wétan, aya Galunggung.

K.F. Holle. (Sumber: Wikipedia)

K.F. Holle. (Sumber: Wikipedia)

Éta lalampahan R.H. Muhammad Musa jeung Lammers harita téh ditulis ku K.F. Holle (administratur perkebunan entéh Waspada) dina bulan Agustus taun 1876. Cék Holle, cenah éta péta téh umurna kira-kira geus aya 300 taunna. Tapi ari Dr. F. de Haan anu jadi Kapala Arsip negeri di Jakarta mah dina tulisan-tulisanana taun 1911 nyebutkeun pajar éta péta téh dijieun dina abad ka-18 dumasar kana péta jieunan Walanda.

Nurutkeun Holle dina tulisanana, cenah 18 taun sabada nganjangna R.H. Muhammad Musa jeung Lammers téa Ciéla téh geus kawilang réa robahna. Preangerstelsel dieureunkeun, nepi ka waktu pikeun tatanén enggoning nyumponan kaperluanana pribadi beuki laluasa. Malah sabada dibukana perkebunan entéh Waspada mah, Ciéla téh tepung wates jeung éta perkebunan, nepi ka cenah nya harita pisan urang Ciéla “wawuhna” jeung minyak tanah téh.

Ciela berbatasan dengan Perkebunan Waspada. Peta Garoet tahun 1914. (Peta Garoet [Garut] 1914 dari

Ciela berbatasan dengan Perkebunan Waspada. (Peta Garoet [Garut] 1914 dari “Indien: Handbuch Für Reisende” dipublikasikan oleh Verlag von Karl Baedeker, Leipzig, 1914.)

Dina hiji poe, aya minyak tanah sakaléng bitu nepi ka ngalantarankeun kahuruan. Dina éta kajadian, 30 suhunan jadi lebu, anu tiwas aya kana limana. Ngan teu kacaturkeun kumaha nasibna Nyi Agem harita. Naha aya kénéh, salamet, atawa milu jadi korban?

“MANGLE” No.398.

[M.S]

Advertisements

2 thoughts on “Mapay Atlas Sunda ka Ciéla

  1. Pangangken riungan kulawargi kuncen, urutan kuncen nu kasebat:

    (ayeuna) Bp. IHAK <- Bp. ADING <- Bp. SAYUTI <- Nini. UIK <- Bp. DAMIJI <- Aki Mastadikara <- Eyang Galodri <- Eyang ALIMADIKARA <- Sembah WANGSAKARA

    wawancara 20/10/2016

    Like

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s